Lamun urang leumpang ti Purwakarta ka Wanayasa, tang¬tu nyorang hiji tanjakan anu kacida panjangna, disebutna tanjakan Rancadarah. Ningal kaayaan di lebah dinya. éta ngaran Rancadarah matak jadi pertanyaan, lantaran ranca téh biasana ayana di tempat handap, ari ieu kapan tanjakan ngaranna ogé. Kecap “darah” hartina getih. Bisa jadi aya nu ngira, yén di dinya baheula tempat bégal, nepi ka matak loba nu ngaluarkeun getih dirogahala ku bégal. Jeung bisa jadi ogé aya anu nyangka, yén di dinya loba nu kaluar getih, lantaran ditekuk maung, da di lebah dinya téh baheulana mah leuweung geledegan.
Naon atuh sasakalana nu matak éta tanjakan disebut kitu? Di handap ieu dicaritakeun sasakalana, lain dongéng, ieu mah carita sabenerna, malah surup kana sajarah.
Méméh nyaritakeun Rancadarah, urang nyaritakeun heula Wanayasa. Baheula Wanayasa téh beunang disebut nagara gedé, jadi dayeuh karesidénan, béjana. Kira-kira dina taun 1710 (M) Kumpeni Walanda (V.O.C.) muka kebon entéh anu kacida legana, nya éta méh sakuliah Désa Wanayasa ayeuna, Désa Babakan jeung Désa Pusakamulya. Ari entéhna nu biasa disarebut entéh jawa, nya éta entéh leutik boh tangkalna boh daunna. Nepi ka ayeuna ogé masih kénéh aya urang Wanayasa anu sok marelak entéh di kebon atawa dijieun pager. Nu digawé atawa nu jadi kuli di kebon entéh anu kasebut di luhur, lolobana bangsa Tionghoa baé, nya éta urang Ma¬kao, maratuhna di lembur nu nelah Pasir Nagara Cina (di tutugan Gunung Burangrang). Di Wanayasa aya pabrik-pabrik laleutik tempat ngokolakeun entéh téa. Ari pabrik nu galedé ayana di Purwakarta, tempatna disebut bélong. Di dinya tempat ngumpulkeun entéh ti mana-mana, sarta tuluy dikoko¬lakeun sacukupna, nepi ka beunang dikirimkeun ka nagara nu jarauh. Nu digarawé di dinya lolobana urang Makao kénéh baé.

Lantaran bayaranana teu pati bérés, sok tara tangtu wak¬tuna jeung sok réa potongan atawa dengdaan, kabéh urang Makao téa ngarandung haté, hayangeun ngalubarkeun ka¬tugenah. Mimitina urang Makao di Purwakarta jeung anu di Wanayasa baradami rerencepan anu kacida rikipna, niat ngayakeun rurusuh babarengan. Dina poé nu geus ditetepkeun ti anggalna der baé bareng pisan aya rusuh di Purwakarta jeung di Wanayasa. Gedong-gedong Kumpeni dihuru, réa Walanda anu dipaéhan.

Kapala pangurus kebon di Wanayasa ngaranna Sheper Leau kacida pisan bengisna, harita pada neunggeulan pada nimpugan ku batu, tungtungna lékék dipeuncit, ari mayitna tuluy dipiceun ka leuweung, sarta nepi ka nelah Leuweung Ciperlaw. Lebah urut mayit tea dicirian ku batu gedé, nelah nepi ka ayeuna disarebut Batu¬tanceb, ayana di Désa Cibeber, Kacamatan Kiarapedes.

Kocapkeun di Purwakarta keur aya karusuhan téh aya hiji priyayi nu kababawa, diarah ku urang Makao. Éta priyayi aya nu nulungan, diasupkeun ka jero bélong, salamet henteu sakara-kara. Engkéna éta priyayi (jaksa) dit¬elahkeun Jaksa Bélong.

Urang Makao ti Wanayasa bari ngajak urang Tionghoa nu séjén, ngaleugeudeut ka Purwakarta, niat ngahijikeun tanaga, sangkan bisa ngéléhkeun balad Kumpeni. Barang nepi ka tanjakan Pasirpanjang (anu kacida panjangna, kurang leuwih aya 3 km), maranéhna paamprok jeung aleutan balad Kumpeni nu rék numpes rurusuh di Wanayasa, samakta sapakarangna. Harita kénéh der tarung, perang campuh geus teu bisa ngabédakeun musuh jeung lawan, geus teu inget kana éléh atawa meunang, asal ngalubarkeun napsu, asal bisa nandasa musuh, ulah nepi ka kapiheulaan babar, tegesing perang paéh-paéh hirup-hirup. Nu kasambut ti dua pihakanana geus pabalatak. Loba anu tinggulitik ka lebak. Nepi ka sapanjang jalan nu jauhna kira-kira sa¬tengah kilométer pinuh ku mayit, getihna ngabayabah, malah nepi ka ngaranca, cék nu rahul mah, nya éta ranca-getih atawa rancah-darah. Tah éta sasakalana, anu matak ti harita éta tanjakan Pasirpanjang disebutna jadi nelah tanjakan Rancadarah.

Di lebakeun éta tanjakan aya tempat anu legok, disebutna Legoksigay lantaran waktu loba mayit anu tiguling ka dinya téa, di lampingna aya tangkal kawung nu disigayan, nya dipaké turun unggah ku nu mariksa saréngsé pe¬rang, anu hayang nyaho saha-sahana nu jadi mayit.