ISTILAH KHUSUS DINA SASATOAN:
Badot : embe jalu nu mejehna beger, kaambeu bau
Bajir/ majir
: munding, domba, embe nu teu daekeun anakan, jadi lintuh loba gajihna
Bibit
: ingon-ingon indungna nu (bakal) diarah anakna (lauk emas, domba, embe, munding)
Camani
: hayam camani, hayam nu hideung nepi ka tulang-tulangna, sok dipake ubar atawa tumbal
Dongkol
: munding dongkol, munding nu tandukna duanana ngeluk (ngulapes) ka handap
Jago
: hayam jaluna
Jajangkar
: hayam jalu nu mangkat beger
Jarah
: muding jarah, munding nu teu diurus, diantep sakarepna di sampalan
Kumahkar
: hayam bikang nu kokotak rek ngendog
Pancawarn
a : manuk titiran/ purukutut nu soarana pohara alusna, langka tur hese ngalana
Pelen
: munding jalu nu mangkat beger
Pelung
: hayam pelung, hayam nu tarik sarta lambat kongkorongokna, kadenge ka jauh
Ranggah
: tanduk ranggah, tanduk munding nu melung ka luhur; tanduk uncal nu ranggakgak
Rintit
: hayam rintit, hayam nu tungtung buluna carentik
Sasapihan
: anak hayam nu geus disapih ku indungna
Tumang
: anjing nu buluna hideung meles
Tutul
: maung tutul, maung nu buluna koneng totol-totol hideung

SORA SASATOAN:
Anjing : ngagogog, nyngungung, babaung
Bagong
: sesegrok
Domba/ embe
: ngaberele
Entog/ meri
: ngawekwek
Gagak
: ngelak
Hayam
: kongkorongok (jago), kokotak (bikang)
Kuda
: ngahiem
Manuk
: recet/ ricit (manuk laleutik)
Maung
: ngagerem, ngagaur
Reungit
: ngahieng
Tikukur/ titiran
: ngantuk (disada terus-terusan)

PAKARANG (SENJATA) SASATOAN
Badak : cula
Bagong
: sihung
Banteng
: tanduk
Buhaya
: buntut (seuseukeutan)
Embe/ domba
: tanduk
Gajah
: gading, tulale
Hayam jago
: siih
Kalajengking
: panyeureud
Kamarang
: panyeureud
Kapiting
: panyapit
Landak :
cucuk (bulu)
Lele
: pamatil
Maung
: kuku & sihung
Munding
: tanduk
Nyiruan
: panyeureud
Oray
: sihung (peurahan)
Sapi
: tanduk
Singa
: kuku & sihung
Tawon/ tiwuan
: panyeureud
Ucing
: kuku
Uncal
: tanduk


Anak anjing: kirik/kicik
Anak bagong: begu
Anak bandeng: nanar
Anak banteng: bangkanang
Anak bangbung: kuuk
Anak bangkong: buruy
Anak belut: kuntit
Anak bogo: cingok
Anak boncel: bayong
Anak buhaya: bocokok
Anak deleg: boncel
Anak embe: ceme
Anak gajah: menel
Anak hayam: ciak/pitik
Anak japati: piyik
Anak kancra: badal
Anak keuyeup: bonceret
Anak kuda: belo
Anak kukupu: hileud
Anak kutu: kuar
Anak lancah: aom
Anak lauk: kebul/burayak
Anak lele: nanahaon
Anak lubang: leungli
Anak maung: juag/aum
Anak monyet: begog
Anak munding: eneng
Anak reungit: utek-utek
Anak sapi: pedet
Anak ucing: bilatung