Kangjeng Prabu Sri Baduga Maharaja, Raja Nagara Galuh Pakuan, hiji mangsa kasumpingan utusan ti Karajaan Majapait. Éta utusan téh dipiwarang Prabu Hayam Wuruk masrahkeun lamaran. Kaleresan Sri Baduga Maharaja kagungan putra istri, kacida geulisna, jenengan Déwi Citraresmi.
Sigana béja Sri Baduga kagungan putra geulis, nepi ka Majapait. Turug-turug Prabu Hayam Wuruk tacan ngabogaan praméswari. Ku sabab éta manéhna ngirim utusan, pikeun masrahkeun lamaran téa.
Sabada dibadantenkeun sareng putra-garwana, panglamar Prabu Hayam Wuruk ditampi. Malah sakumaha paméntana, Déwi Citraresmi rék dijajapkeun ka Majapait. Alam harita, Karajaan Majapait mangrupa karajaan panggedéna di Nusantara (Indonésia).
Sabagéan gedé karajaan nu aya di Indonésia, jadi patalukan Majapait. Malah kabéjakeun kakawasaanana nepi ka Malaysia, Singapur, jeung Thailand ayeuna. Di antara nu henteu taluk téh nya éta Karajaan Galuh Pakuan.
Ari papatihna ngaranna Gajahmada. Saha nu bireuk ka manéhna, ahli mingpin perang, tukang naluk-nalukkeun karajaan. Ku sohor-sohorna Gajahmada, kakara ngadéngé ngaranna, loba raja nu milih langsung serah bongkokan. Lantaran paur nyanghareupan balatentara Majapait pingpinan Patih Gajahmada.
Gajahmada kungsi ngedalkeun sumpah, moal ngadahar buah palapa lamun can bisa nalukkeun karajaan-karajaan nu aya di Nusantara. Ku usaha manéhna, sumpahna bisa tinekanan.
Diba waktuna, dibarengan ku para prajurit, rombongan Sri Baduga Maharaja angkat ngajugjug Nagara majapait. Sababaraha poé ti harita, tepi ka hiji lembur, ngaranna lembur Bubat. Kabeneran teu pati jauh ti puseur nagara. Sabada saréréa reureuh, teras Sri Baduga miwarang utusan nya éta Ki Patih Madu. Maksadna nguningakeun, yén anjeunna saputra-garwa parantos dugi ka Lembur Bubat. Sajaba ti éta mundut dipapagkeun, da kitu apan ilaharna, piraku aya awéwé datang sorangan ka tempat lalaki.
Prabu Hayam Wuruk kacida bungahna. Cita-cita palay migarwa Déwi Citraresmi, sakedap deui bakal kalaksanakeun. Harita kénéh buru-buru maréntahkeun Patih Gajahmada, supaya siap-siap pikeun mapag calon pangantén istri. Ngan naha atuh dasar Gajahmada, sohor sombong ieu aing, paréntah rajana langsung ditolak. Alesanana, dibandingkeun jeung Majapait, nagara Galuh Pakuan ukur nagara leutik.
“Leuwih hadé Sri Baduga Maharaja langsung masrahkeun anakna,”
Cenah. “Anggap waé Déwi Citraresmi téh upeti, sakalian némbongkeun yén Karajaan Galuh Pakuan taluk ka Majapait, saperti nagara-nagara séjénna.”
Bisa jadi lantaran kapangaruhan, Prabu Hayam Wuruk satuju kana pamadegan Patih Gajahmada. Ti dinya gancang ngirimkeun utusan, eusina persis sakumaha omongan Patih Gajahmada. Puguh baé Sri Baduga Maharaja kacida benduna. Salirana langsung ngagidir, ampir-ampiran teu kiat nahan amarah. Sikep urang Majapait, pangpangna Patih Gajahmada,sarua jeung ngahina. Déwi Citraresmi, anak raja, putri sakitu geulisna kudu dianggap upeti nagara jajahan. Padahal ti iraha Karajaan Galuh Pakuan jadi patalukan Majapait?
Sri Baduga Maharaja sasauran ka saréréa, “Piisukaneun urang miang ti Galuh Pakuan, pasosoré kula nénjo langit hurung ngempur siga kahuruan. Moal salah éta téh kila-kila, urang bakal nyanghareupan peperangan. Ku kituna saréréa kudu taki-taki, sabab gedé kamungkinan urang Majapait bakal maksakeun kahayangna.
Kasauran Sri Baduga écés ngagambarkeun sikep anjeunna, kajeun kudu kaleungitan nyawa, tibatan ical kahormatan diri. Sabalikna pikeun Patih Gajahmada, sikep Raja Pakuan sarua jeung nyieun pucuk ti girang, nangtang kana kakawasaan Majapait. Manéhna gancang ménta idin rajana, seja ngumpulkeun para prajurit Majapait pikeun nalukkeun Sri Baduga sabalad-balad.
Sakali deui Raja Hayam Wuruk beunang kaolo ku Patih Gajahmada. Geus kitu mah der perang campuh antara tentara Galuh Pakuan ngalawanan para prajurit ti Majapait. Lantaran indit ti nagara lain rék niat perang, Sri Baduga Maharaja henteu nyandak prajurit seueur-seueur. Atuh dina derna peperangan, jumlahna henteu saimbang. Nya kitu deui pakarang perangna, henteu salengkep tentara Majapait.
Akibatna tentara Galuh Pakuan nungtutan jadi korban. Malih lami-lami Sri Baduga ku anjeun, kasambut di pangperangan. Maot dikerepuk mangpuluh-puluh prajurit musuh.
Kantun praméswari sareng Déwi Citraresmi, ngaraoskeun kasedih dikantun ku Kangjeng Raja. Duanana énggal mandi beberesih, sarta saatosna teras nganggo raksukan bodas.
Putri Galuh sareng ibuna néwékkeun keris kana salirana, nyusul Sri Baduga Maharaja nu parantos maot ti payun. Tanah Bubat beureum ku getih dua wanita suci. Ngadangu Déwi Citraresmi jadi mayit, Raja Hayam Wuruk kacida handeueulna. Cita-cita ngadahup ka putri geulis henteu jadi, gara-gara nurut teuing kana omongan Patih Gajahmada.
Tina ngaraos hanjakal, tungtungna brek baé teu damang parna. Mangpuluh-puluh dukun dikumpulkeun, welas-welas pandita ditéang, nya kitu deui ahli panyakit, ngahaja diangkir ti mana-mendi. Tapi, kawantu lain panyakit biasa, bisa cageur upama obatna Déwi Citraresmi. Dina tiasa damangna deui ogé, teu sapertos bihara-bihari.
Geus kitu mah kakara Patih Gajahmada ngaku kana kasalahanana. Disangkana Raja Sri Baduga Maharaja, sarua jeung raja-raja liana. Gampang taluk kana kakawasaan Majapait. Malah aya leuwihna, Sumpah Palapa Gajahmada dianggap cupar ku ayana éta kajadian. Nagara-nagara di Nusantara anu tadina aya dina kakawasaan Majapait, nungtutan misahkeun manéh.***
Tina Pamager Basa X, Karya Drs. Taufik Faturrahman, spk.