Jaman baheula di pulo Jawa beulah Kulon, ngadeg hiji karajaan nu diratuan ku Prabu Rakata. Sang Prabu kagungan putra dua. Anu cikal jenengan Raden Sundana, anu bungsu Raden Tapobrana. Harita mah Pulo Jawa sareng Sumatera teh ngahiji.
Ku margi Prabu Rakata parantos sepuh pisan, teras masrahkeun karajaan ka putra-putrana. Karajaan teh dibagi dua. Anu palih Wetan ka Raden Sundana, nu palih Kulon ka Raden Tapobrana.
Saparantos ngabagi nagara, sang Prabu undur ti karaton, ngabagawan di hiji tempat anu aya di tapel wates nagara nu dibagi dua tea. Undur ti karaton teh, teu aya barang anu dicandak salian ti guci pusaka titinggal karuhunna.
Hiji mangsa dina taun kagenep, Sang Prabu ngadangu yen Raden Sundana sareng prajurit nagarana, ayeuna keur ngarurug karajaan raina, keur rame rebutan pati. Sang Prabu teu kinten benduna, ceg kana guci pusaka anu tos dieusi ku cai laut, teras angkat ka medan laga, kasampak dua putrana nuju jogol ngadu jajaten. Sakurilingeunana para prajurit keur perang campuh.
Ningal ramana sumping, Raden Sundana sareng Raden Tapobrana kalintang rareuwaseunana. Harita keneh perang tandingna liren. Duanana enggal nyampeurkeun, cedok nyarembah. Para prajurit ti dua pihakanana oge liren perangna.

Dua putrana anu sarila tarungkul marando, teu lalemek nyararek. Ningal kitu, Sang Prabu ngadeg, ceg kana guci pusaka tea.
“Kawasna kudu ku cara kieu ngawatesan nagri teh. Muga-muga bae hidep duaan bias tiis tingtrim enggoning ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagri masing-masing,” saurna bari ngucurkeun cai laut tina guci pusaka tea sapanjang tapel wates nagri. Salajengna guci pusaka nu tos kosong teh disimpen dina tilas jogol dua putrana, maksadna pikeun peringetan. Saparantos kitu mah nembe Prabu Rakata mulih ka tempat nyepenna.
Lami ti lami tapel wates nagri nu dikucuran cai laut tina guci pusaka teh ngajanggelek mangrupi…selat, nu kiwari nelah selat Sunda. Nu mawi dinamian Selat Sunda, margi ku alatan kalepatan Raden Sundana sarakah hoyong ngapimilik nagri nu diratuan ku raina, dugi ka ramana ngadamel cara misahkeun eta dua nagri ku diwatesan laut.

Ari guci pusaka nu disimpen dina tempat tilas jogolna Raden Sundana sareng Raden Tapobrana, ngajanggelek jadi gunung, nu katelah Gunung Rakata atanapi Gunung Krakatau, ngalap jenengan Prabu Rakata anu kagungan eta guci. Kitu sasakalana Selat Sunda sareng Gunung Rakata teh, saur aki mah.
Sumber: Tina Dongeng-dongeng Sasakala

Kenging Ngempelkeun: Ki Umbara