Anjun : tukang nyieun parabot tina taneuh
Bujangga : tukang nyieun/ nulis carita
Candoli : tukang ngajaga pabeasan di nu kariaan (biasana awewe)
Gending : tukang nyieun parabot tina kuningan
Kabayan : tukang dititah ka dittu da dieu
Kajineman : 1) mandor sakitan, 2) tukang ngajaga jinem (nu dihukum)
Kamasan : tukang nyieun parabot tina emas atawa perak
Kabojengkeng : tukang ngagusur padati
Kulaer : kusir anu tumpakna dina kuda kareta pangagung
Kuncen : tukang ngurus kuburan
Legig : tukang ngasruk dina pamoroan
Malim : tukang nalukkeun sasatoan
Maranggi : tukang nyieun landean jeung sarangka keris
Merebot : tukang nakol bedug
Nyarawedi : tukang ngagosok permata
Pakacar : bujang, juru laden
Palatuk : iber anu tumpak kuda saheulaeun pangagung
Paledang : tukang nyieun parabot tina tembaga
Palika : tukang teuleum (ngala lauk)
Pamatang : tukang moro (nu sok ngagunakeun tumbak)
Pamayang : tukang ngala lauk di laut
Panday : tukang nyieun parabot tina beusi
Paneresan : tukang nyadap
Paninggaran : tukang moro
Sarati : tukang ngusir gajah