Dina basa Sunda aya nu disebut Kecap Panganteur. Kecap panganteur aya dua: aya kecap panganteur pagawéan, aya kecap panganteur kaayaan. Kecap panganteur teh gunana pikeun ngantebkeun caritaan. Geura titenan ieu kecap-kecap panganteur di handap.
am daharbarakatak seuri
bek dahar
beledug bitu
belenyéh/nyéh imut
beleték peupeus
beletok potong
belewer malédog
beretek/berebet lumpat
berewek soek/ soeh
biur ngapung
blak nangkarak
blok bahe
blug labuh
bluk nangkuban
bray beunta
bray beurang
bray caang
bray muka
breg hujan
brus mandi
bus asup
burusut ngising
cat unggah
celengkeung ngomong/ nyarita
celengok nyium
cep tiis
cer kiih
ceuleukeuteuk seuri
cikikik seuri
clak tumpak
cleng ngacleng
clik murag (barang anu leutik)
cong nyembah
crot nyiduh
deker dahar
deker digawé
dug saré
eureuleu teurab
gampleng nampiling
gantawang nyarékan
gap nyagap
gaplok nyabok
gedig indit
gejebur kana cai
gék diuk
geleber hiber
geleser maju
gewewek ngégél
gok paamprok
golédag ngedeng
habek neunggeul
hing ceurik
jedak diadu
jeduk tidagor
jegug sora anjing
jegur sora marieum
jentréng kacapi
jep jempe
jep jempling
jeprut pegat
jleng luncat
jol (torojol) datang
jrut turun
jung nangtung
kecebuk sora cai
kecemplung kana sumur
kécéwér/wér/cer kiih
kérésék sora daun
kepluk murag
kerewek nyekel
ketruk sora sapatu
kop nyokot
kuniang hudang
lar ngaliwat
lat poho
leguk nginum
laek neureuy
lek neureuy
leos indit
lep teuleum
les leungit
luk tungkul
nging (ngeng) ceurik
nyah beunta
nyeh imut
nyel ambek
nyot ngenyot
nyot udud
orolo utah
paralak hujan
pédénghél keuheul
peledek bau hitut
pelenyun udud
pes pareum
pleng ambleng
plong ngemplong
pluk murag
pok ngomong
prung ngamimitian
pudigdig ambek
rap dibaju
reg eureuin
regot (rot) nginum
rekét sora panto
réngkénék ngigel
rep tiis/ jempe
reup poek
reup sare
rob ngarogrog
rup dirungkupan
sebrut narajang
sedut/ dut hitut
segruk ceurik
seguk sora kolécér
semprung pegat
sirinting/ sirintil nyampeurkeun
sruk-srék sora ragaji
térékél naék
trét nulis
trong kohkol
0 komentar:
Posting Komentar