Bismillah
Alhamdulillah

Patepang di salaka maya
dilajengkeun di buana nyata
dua teuteup
ngagedurkeun geter-geter asih
janten pasini jangji:
seja laki rabi


kiwari
cunduk di waktu
ninggang di mangsa
nitih wanci nu mustari
ayi (Nami Panganten Pameugeut) sareng néng (Nami Panganten Istri)  didahupkeun
di balé nyungcung


Ayi (Nami Panganten Pameugeut) ,
Sabada ijab kabul diucap
nami (Nami Panganten Istri) anu satadina dibintian ku nami ramana
baris robih dituntungan ku nami ayi (Nami Panganten Pameugeut)
hartosna
ti danget ijab kabul
tanggel waler dunya akherat
ngeunaan neng (Nami Panganten Istri)
di pasrahkeun ti ramana
ka diri : salira
(hajat nikah mémang kariaan tapi makna nikah nungtut pertanggel waleran)

Tanggel waler salaki ka anu janten garwana, anu kedah ogé dicontoan ku jisim inyana:

kahiji ngeunaan aqidah

inti aqidah nyaéta kalimah toyyibah
Laa ilaaha ilalloh
mangkadé
dina ngalaksanakeun kahirupan anjeun duaan
kakeclakan akidah anu teu diguratkeun ku kangjeng Nabi Muhammad SAW.
Aqidah sing panceg Istiqomah
margi
maot mah saha nu terang
kacida rugelna diri upami isuk jaganing géto
mangsa mulang ka mantenNa
urang teu pinareng
husnul khotimah

kadua ibadah

mamaos mémang raos kadanguna
galindeng cianjuran ngahudang rasa
tapi moal aya deui anu leuwih raos tur ngahudang rasa
iwal ti soanten ayi (Nami Panganten Pameugeut)آ  sareng neng (Nami Panganten Istri)
rampak ngagalindengkeun
ayat-ayat suci Al Qurân

upami di bumi kagungan permadani anu éndah
moal aya deui anu leuwih éndah
tibatan dua lambar sajadah
anu dianggé solat jamaah

kacida nikmat sareng hidmatna
mangsa ayi (Nami Panganten Pameugeut) ngucapkeun kecap
Waladhdholliin
dina tungtung fatihah
ditémpas ku kecap
Amiiin
tina lambey néng (Nami Panganten Istri)

pon kitu kanikmatan sareng kahidmatan
bakal sumebar tina kecap Amin néng (Nami Panganten Istri)
dina  du'a demi du'a
nu dilafadzkeun ku ayi (Nami Panganten Pameugeut)

Katilu akhlaq

Laki rabi téh teu bénten sareng salambar rambut
anu masing-masing tungtungna dicepengan ku duaan
Ayi (Nami Panganten Pameugeut)آ  di tungtung ditu Néng (Nami Panganten Istri) ditungtung dieu
kedah silih ayunkeun
kedah silih béréan
upami silih betot
tinangtu rambut
bakalan pegat

Akhlaq salaki ka nu janten istri
Akhlaq istri ka nu janten salaki
baris nangtoskeun
hirup kumbuhna
hiji pernikahan

sok sanaos tos laki rabi
mangkadé
akhlaq ka ibu rama
indung nu ngakandung
bapa anu ngayuga

kumelendangna urang di alam dunya
aranjeunna lantaranana

salapan sasih lamina urang aya dina kakandungan anu jadi indung
anjeuna teu tolih nyerina ngababarkeun
méh dua taun cai pinareupna diseuseup ku urang

kanyaah sareng kaihklasan
anu teu kénging dimomorékeun
kapan saur hadits ogé:
sawarga téh ayana dina dampal sampéan anu jadi indung

Upami urang ayeuna tiasa makalangan
eta téh hasil lamokot késangna tuang rama
dibarung ku du'a demi du'a anu teu kendat reureuh
tuang rama tisusut tidungdung
ngagedékeun anjeun para putrana
sangkan hirup hurip bagja waluya

Laki rabi ogé kedah tiasa ngaraketkeun tali silaturahmi
diantara dua kulawargi
kulawargi ayi (Nami Panganten Pameugeut) ti Ciamis sareng kulawargi néng (Nami Panganten Istri) ti Kuningan
Ayi (Nami Panganten Pameugeut) sareng Néng (Nami Panganten Istri)
sing janten cukang lantaran
ngantengkeun ieu tatali silaturahmi
sangkan syiar kasundaan sareng syiar kaislaman
tiasa langkung lega ambahan
nyambuang saalam dunya

Hirup di dunya henteu nyorangan
mangkadé akhlak hirup kumbuh kamasyarakatan
sing tiasa naritipkeun diri
sing tiasa pindah cai pindah tampian

Kaopat, cita-cita

Hirup kumbuh laki rabi
ulah ngan saukur diniatan dugi ka pakétrok iteuk
tapi kedah dicita-citakeun langkung tebih, nyaéta
tiasa riung mungpulungna anak incu kulawarga
di sawarga

ku kituna prinsip
jaga diri jeung kulawarga aranjeun tina sueneu naraka
kedah janten suluk anu janten cita-cita kulawarga

upami isuk jaganing géto kagungan putra
sangkan janten waladun sholihan
mangkadé
didik ku kaislaman sareng kasundaan

Ayi (Nami Panganten Pameugeut) miwah néng (Nami Panganten Istri)
dinten ieu,
(kaping bulan taun)
sabuana samarcapada
nyakséni aya dua pamayang papasangan
anu badé ngambah sagara ciptaan Pangéran

bébér layar tarik jangkar

baarokallohu laka
wa baroka alaika
wajama bainakuma
fii khoir