Sunda mangrupa idéntitas pikeun hiji séké sélér nu nyicingan utamana bagian kulon pulo Jawa (katelah Tatar Sunda atawa Pasundan, ngawengku propinsi Jawa Kulon, Banten, jeung bagian kulon Jawa Tengah), nyaéta urang Sunda, nu migunakeun basa Sunda salaku basa indungna katut kabudayaanana. Sunda asalna tina kécap Su nu hartina sagala nu ngawengku unsur kaalusan. Urang Sunda miboga kayakinan yén ngabogaan etos atawa karakter Kasundaan, salaku jalan ka kautamaan hirup. Karakter Sunda nu dimaksud nya éta cageur (sehat), bageur (baik), bener (benar), singer (mawas diri), jeung pinter (cerdas). Karakter ieu geus dituluykeun ku masarakat nu cicing di Jawa barat ti jaman Kerajaan Salakanagara.
Aya sababaraha definisi sunda nurutkeun para ahli, diantarana nya éta:
Print Halaman Ini















