Sasakala Gunung Tampomas
by AbahVsan under
Bahasa Sunda,
Dongeng Sasakala
Kacaritakeun, Gunung Gedé anu aya di Sumedang ngaluarkeun sora pohara pikakeueungeunana. Sorana ngaguruh. Tina puncakna kaluar haseup campur lebu anu hurung. Ieu gunung kawas-kawas arék bitu. Rahayat Kabupatén Sumedang harita, pohara rareuwaseunana. Kumaha balukarna lamun éta Gunung Gedé bener-bener bitu?Teu kacatur saha anu jeneng bupati harita. Ngan éta bupati téh pohara towéksana ka rahayat, wedi asih sarta bijaksana. Atuh sanajan can kalaporan gé anjeunna parantos uningaeun, kumaha tagiwurna rahayat. Anjeunna teras ngémutan sangkan bisa nyalametkeun rahayatna.
Ku pangjurung kanyaah ka rahayat téa, anjeunna teras nyepi di hiji kamar, seja mujasmédi neda pituduh ti paradéwa. Susuganan ku jalan kitu, anjeunna tiasa mangadep ka Yang Tunggal, dipasihan pituduh pikeun nyalametkeun rahayatna.
Situ Bagendit
by AbahVsan under
Bahasa Sunda,
Dongeng Sunda
Di wewengkon Garut aya situ anu ngaranna kawentar ka mana-mana, nyaéta Situ Bagendit. Cék sasakala mah, éta Situ Bagendit téh asal-muasalna kieu:
Baheula, aya hiji randa beunghar katelahna Nyi Endit. Ieu téh saenyana mah nénéhna, da ngaranna sajati mah Nyi Bagendit. Manéhna téh kacida pisan kumedna.
Geus taya nu bireuk deui kana kakumedanana téh. Salian ti pakacar-pakacarna mah, tara aya nu larsup ka imahna. Éstuning lain babasan éta mah hirup nyorangan téh. Ngahaja mencilkeun manéh, ngababakan di tengah pasawahan anu upluk-aplak. Maksudna taya lian, ku bawaning embung campur jeung batur, da sieun kasoro téa.

Langganan:
Postingan (Atom)